Cerita

Besan

Pikeun Bah Amid urang lembur Cibogo jeung Bah Ohan urang lembur Cihurang, anu umurna beunang disebutkeun pakokolot supa mah dunya teh jiga nu bener-bener heureut. Geus we, imah Bah Amid di tungtung kulon lembur Cibogo, ari Bah Ohan di tungtung wetan lembur Cihurang.

Eta dua lembur teh natangga pisan. Jadi, najan misah lembur oge imah nu duaan teh padeukeut pisan, tatangga nu pangdeukeutna. Ti bubudak Bah Amid jeung Bah Ohan sosobatan, dalit naker lir gula jeung peueutna. Jeung dulur onaman duanana oge teu kitu-kitu teuing. Ieu mah estuning geus jiga jeung dulur pet ku hinis, malah leuwih ti kitu. Ti mimiti bray beurang nepi ka reup peuting teh ka ditu ka dieu teu weleh babarengan. Misah-misah kapeutingnakeun, mun rek sarare. Kitu oge sakapeung mah sararena teh sok babarengan, bagilir silih endongan, aya sapeuting sewang, aya dua peuting sewang, mun waktu dahar, sanggeus ngalas teh beretek lumpat bari mawa alasna, nyampeurkeun sobat dalitna, ngajak dahar babarengan. Waktu sakola, mun nu saurang teu sakola, sobat dalitna oge sarua teu sakola. Nincak umur baleg, duanana beger, henteu we boga kabogoh hiji ku duaan.

Bah Amid bobogohanna teh jeung baraya Bah Ohan, ari Bah Ohan meunang baraya Bah Amid. Kitu teh atuh sosobatanana beuki raket wae. Basa rek kawin oge kaharayangna mah babarengan, tapi teu kalaksanakeun da kolot awewena bebene Bah Amid henteu nyaluyuan. Antukna Bah Ohan kawin ti heula. Kurang leuwih sataun ti harita, basa Bah Ohan budakan anu kahiji, lalaki. Bah Amid kakara bisa nuturkeun Bah Ohan, ngambah hirup rumah tangga. Sataun ti harita Bah Amid jadi bapa, boga anak ka hiji, awewe. Boh Bah Ohan boh Bah Amid, duanana sarua mikanyaahna boh ka anakna boh ka anak sobatna. Ayeuna mah ka ditu ka dieu mun babarengan teh sarua bari ngarasuh anakna. Sakapeung sok bagilir mangasuhkeun. Anak Bah Ohan diasuh ku Bah Amid, atawa sabalikna, anak Bah Amid diasuh ku Bah Ohan. Basa barudakna geus kawilang darewasa, Bah Amid jeung Bah Ohan baradami ngajak bebesanan, anak lalaki Bah Ohan sina kawin ka anak awewe Bah Amid. Ku kabeneran barudakna satujueun. Atuh prung weh anak lalaki Bah Ohan dikawinkeun ka anak awewe Bah Amid. Hajat kawinanana kawilang rongkah, make jeung tatanggapan sagala rupa. Bah Ohan jeung Bah Amid sarua boga anakna teh opat sewang. Anak kahiji Bah Ohan, lalaki nu meunangkeun awewe Bah Amid tea. Anak nu kadua katilu jeung ka opat tiluanana awewe. Ari anak Bah Amid nu opat teh kasebut selang-sekar Kahiji awewe, kadua lalaki, katilu awewe deui, kaopat lalaki. Sanggeus anak kadua Bah Amid anu lalaki jeung anak awewe katilu Bah Ohan darewasa, Bah Ohan jeung Bah Amid baradami deui, hayang ngawinkeun anak-anakna. Caritana sapuk, prung weh, anak kadua Bah Amid anu lalaki teh dikawinkeun ka anak katilu Bah Ohan. Nya kitu kawas nu heureut dunya tea. Minangka rada ngalegaan dunyana teh anak kadua jeung ka opat Bah Ohan mareunangkeun jodona teh ka nu sejen.kitu oge masih keneh kawilang mareunangkeun baraya-barayana. Ka dituna mah ngaheureutan deui we dunyana teh. Geura, anak kadua Bah Ohan boga anak lalaki. Enya, Bah Ohan mah incu tangtuna oge ka dinya teh. Tah, si incu lalaki Bah Ohan teh meunangkeun anak awewe Bah Amid nu katilu.Saterusna, anak awewe Bah Ohan nu kaopat, boga anak awewe. Enya, incu tangtuna oge Bah Ohan mah kadinya teh. Incu Bah Ohan nu awewe tea, boga anak awewe, nya tangtuna oge Bah Ohan mah ka dinya teh buyut. Rek percaya rek henteu, buyut Bah Ohan nu awewe tea, kawinna teh ka anak lalaki Bah Amid anu kaopat tea. Jadi Bah Amid mah bebesananana teh… jeung Bah Ohanna, jeung anakna Bah Ohan, sarta jeung incuna Bah Ohan. Jadi, Bah Amid mah minantuna teh… anak Bah Ohan, incu Bah Ohan jeung buyut Bah Ohan. Duka tah kumaha satuluyna engke ka dituna. Nu puguh mah “ulukutek” di Bah Ohan jeung di Bah Amid teh geus aya kembang-kembangna ti ayeuna oge.

Teu Sangka

“Anduk, anduk, araranduuuk……!” Kadenge aya nu dagang gogorowokan mani cowong. Inget pamajikan butuheun anduk da ningan awewe mah sok gojeh masing alus keneh oge sok hayang geura ganti, kuring kaluar ti imah ngageroan tukang anduk. Belaan jejengkean najan sendal kulit empuk weuteuh keneh ngabagug parkir dina taneuh. Lebar rek make teh bisi ruksak heug bayareun keneh. Sina ngabagug di buruan soteh seja mapanas nu ngalaliwat ngarah disangki jalmi gaduh.
“Anduk-anduk!” cekeng. Nu dagang haget nyampeurkeun.
“Sabarahaan anduk Mang?”
“Mirah Pa, mung tilu puluh lima!” “Sabarahaan anduk Mang?”
“Mirah Pa, mung tilu puluh lima!”
“Tilupuluh lima naon?”
“Muhun tilupuluh lima rebu rupia. Teu werat bade ngical tilupuluh lima juta teh, hawatos heug nagara nuju krisis!” ceuk nu dagang. Ngabojeg ti dituna mah.
Torojol nu boga hadas kaluar ti kamar.
“Tah nu dagang anduk!” cekeng ka pamajikan. Blus sorangan mah asup ka jero imah neruskeun hanca pagawean. Nu adu rega hoghag di teras.
“Sabarahaan Mang?” tanya indung budak mitembeyan adu rega.
“Mirah Bu Haji mung opat puluh rebu,” ceuk nu dagang. Beu, si kehed.
Cikeneh teh nongtoreng nawarkeun 35 rebu, ayeuna geus jadi opat puluh rebu.
Anehna, indung budak mah bangun tiis. Ninggang ka sorangan mah kudu geus ngabuleudkeun peureup. Kedewek indung budak ngarontok anduk nu kelirna warna-warni. Aya nu hejo, beureum, gading, koneng, kumaonam bandera partey. “Sarae Bu Haji, sarae,” ceuk nu dagang ngabuih. Geus pok deui nyebut Bu Haji. “Jieunan mana Mang?” tanya teh mairan bari jongjon baranggawe.
“Gondewah Pa!” “Sapuluh rebu we nya?” ceuk indung budak. Hag siah, lebok tah! Nawarkeun opat puluh rebu, ditawar sapuluh rebu. Paingan indung si kucrit katenjo tiis da meureun geus boga rudal pameupeuhna. “Hatur nuhun Bu,” ceuk nu dagang, ukur nyebut bu teu make haji. Teuing ku naon. Direret ku juru panon katenjo jamedud. Indung budak jongjon pipilih deui. Dialak-ilik, dibeber-beber, malah aya nu dikebut-kebut sagala. “Nya Mang sapuluh rebu, da kasep!” pokna bari luway-liwey gumeulis. Puguh we jero dada ngaheab.
“Ari Bu Haji, piraku Emang teu gaduh bati?” Kasebelanana teh kareret imut. Hulu angen karasa aya nu nonjok. Temahna nyiak kana embun-embunan.
“Lah si Emang mah!” pamajikan humandeuar.
“Tos we tilu puluh lima rebu bubuhan ka Bu Haji we ieu mah.
Ngaraketkeun duduluran. Ka ibu-ibu sanes mah teu dipasihkeun, sing sumpah!”
Geus pok deui nyebut Bu Haji. Kuring nyaan hayang seuri ngadenge tukang anduk nyebutkeun teu dibikeun ka ibu-ibu nu sanes. Nya teu dibikeun da teu dibeuli.
Saha nu daek meuli anduk ditekuk.
“Sakitu wae!” ceuk pamajikan bari ngecagkeun anduk tangka satambruan.
“Sakitu sakumaha?”
“Enya sapuluh rebu!”
“Ituh geura. Mana kanggo Emangna sakitu mah teu jinis-jinisna acan.
Mangkaning Emang teh teu acan neda, teu acan nyesep, nyirop, teu acan deuih kanggo ngarosikoan anak mitoha. Mangkaning upami rosiko dapur murugul teh baeudna miyuni baud, pageuh. Sing hawatos we….Bu Haji” pokna lumengis. Ti dituna mah meureun menta dipiwelas.
“Enya sakitu!”
“Eta Bu Haji, enya sakitu, enya sakitu deui wae. Sakitu teh sakumaha?
Saratus rebu? Candak lah bubuhan ka Bu Haji we.”
“Enya saratus rebu sapuluh sikieun!”
“Bade sabaraha hiji nganggona?”
“Hiji we, loba-loba teuing!”
“Manawi teh bade ngaborong wantun sakitu teh. Kieu we atuh nya bilih kabujeng hujan. Tilu puluh we. Mangga bade nu mana? Nu hejo, nu beureum, nu koneng? Ketang da Bu Haji mah demplon, nganggo kelir naon wae ge teu burung payus!” Jeletit hate kaciwit deui.
“Gampang milih kelir acak corak mah mah Mang. Kudu puguh heula haregana. Sakitu mah sok!”ceuk indung budak deui bari ngolesed ninggalkeun nu dagang anduk.
“Tos we dua lima!” ceuk nu dagang bari ngajewang leungeun indung budak. Meh we keuna. Kuring ge replek rek nyokot asbak tadina mah. Nyaan mun wani-wani nyabak, rek dipalempeng asbak.
“Sakitu!”
“Saur Emang ge jinisna teh dua puluh. Buruh ngider lima rebu. Meujeuh we tinimbang angkat ka Pasar Baru mah. Teu acan ongkos, jajan, dan ituh inih!” Angger ngolo.
“Enya sakitu!” ceuk pamajikan, geblus ka kamar.
“Tos we lah panungtungan ayeuna mah. Dua puluh rebu!”
“Sakitu!” tembal pamajikan pageuh. Si tukang anduk ngahuleng. Antukna nu tadi kuring ngarasa timburuan teh jadi watir. Sup ka kamar.
“Nu kelir kumaha anduk teh? Beuli we dua puluh rebu ge karunya,” cekeng teh.
“Enya sakitu!” ceuk pamajikan, teu beunang diongget-ongget.
Kuring kaluar ti kamar. Tukang anduk ngajanteng keneh.
“Candak!” cenah, teugeug. Torojol pamajikan kaluar. Laju milih anduk.
Nyokot hiji kelir beureum. Creng dibayar. Ih geuning mere duit dua lambar. Nu hiji sapuluh rebu nu hiji deui lima rebu.
“Ning ieu mah lima welas rebu Bu Haji? Pan tadi mah Bu Haji nawis sakitu, muhun sapuluh rebu. Teu kenging ngabohong ah bilih doraka,” ceuk tukang anduk bari mulangkeun deui duit lima rebu perak. Gejlig indit. Mani rurusuhan, teu nuhun-nuhun acan.
“Teu sangka nya manehna, dina jaman orowodol kieu, aya keneh nu soleh!” pok teh. Pamajikan tiba ngaheueuhan. Geblus manehna asup ka kamar.
Kuniang kuring hudang, maksud mah rek nyait kolor tina popoean. Barang rek make sendal, enya nu diparkir di buruan, geus lebeng.
“Manehna, manehna, ka mana sendal?”
“Sendal nu mana?” Indung budak norojol bari nyolendang anduk.
“Sendal kami pan tadi teh di dieu.”
“Sendal nu kenging ngiridit?”
“Enya, tadi teh basa nyalukan tukang anduk aya keneh!”
“Nya duka atuh. Boa ku tukang…aaan..”
“Geus moal salah. Si kehed…,” piceurikeun nyelek na tikoro.
Pudingding napsu. Sebrut nyusul tepus. Teu manggihan tapak-tapakna.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s